6 Des 2011

Kumpulan Rasa Kuring


Rusras

Tina kaca jandela,
ngolebat atra,
minuhan rasa titis,
Anteb lamunan matri,
seuri maur rusras,

Tina kaca jandela,
peureum katingal,
ngahudang honcewang rasa,
aah geuning anjeun,

Rusras...

(Maita, hujan pasosore 4 des'11)



Pileuleuyan

duh rasa..
gulidag nu rosa teu kasubadanan ku diri nu laip
...
hampura mun anjeun kageurih
ku pucuk harepan nu teu surti
ku diri nu teu daek ngarti
ku rasa nu sumarambah
malidkeun jatining diri

Rahadi AD - bekasi'05



Prays For MySon

bral jang didoakeun ku ema
jugjug nu jadi pangharepan

get up and go on with a will
reach your dream with a trust

Nak, kamu pasti bisa...

(indung, 5 des'11)

Artikel lainnya



Tidak ada komentar:

Posting Komentar